Kacatur jaman baheula di Pulo Jawa Beulah kulon, aya hiji karajaan anu
rajana Prabu Rakata. Sang Prabu gaduh dua putra. Anu cikal Raden Sundana
anu bungsu Raden Topobrana. Haritamah Pulo Jawa sareung Sumatra teh
ngahiji.
Kumargi Prabu Rakata parantos sepuh pisan, mangka karajaan
teh di titipkeun ka putra-putrana, tur di bagi dua belah wetan ku Raden
Sundana, belah kulon Raden Topobrana. Terus Sang Prabu teh indit
ngabagawan anu tempatna dibates dua nagara nu dibagi dua tea, anjeunna
teu nyandak nanaon tibang guci pusaka nu dicandak.
Hiji mangsa dina
taun ka genep Sang Prabu teh ngadangu yen putrana parasea Raden Sundana
ngarugrug karajaan raina Raden Topobrana. Sang Prabu teh ceg ka guci anu
gtos dieusi cai laut tea, terus indit ka medan laga kasampak dua
putrana keur perang campuh atu bendu pisan snjeunanana. Ningali ramana
sumping reg weh perang liren, dua putrana langsung nyampeurkeun cedok
weh nyareumbah ka Prabu Rakata kitu dei para parajuritna. Atuh dua
putrana beak bersih diseukseukan pampangnaman Raden Sundana nu wani
ngarug-gug nagara raina. Dua putrana anu tarungkul teh nyarek, atuh Sang
Prabuteh langsung ngadeg, ceg kana guci pusaka tea. Terus cai laut anu
dina guci dikucurkeun disapanjang wates dua nagara, teras guci anu tos
teh kosong teh disimpen ditapal bates dua karajaan tea, anjeunanana
indit deui ka tempat pang tapaanana. Teu lami eta bates anu tilas
disiram ku cai laut teh ngajanggelek jadi selat. Nu kiwari disebut Selat
Sunda. Nu mawi dinamian Selat Sunda lantaran Raden Sundana sarakah
hoyong wilayah anu raina. Dugi ramana ngadamel wates nganggo guci pusaka
anu caina dikucurkeun terus jadi selat. Tur guci anu disimpen dina
wates teh ngajanggelek jadi gunung, nu katelah Gunung Rakata atanapi
Gunung Krakatau. Tah kitu sasakala Selat Sunda sareng Gunung Krakatau
teh.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Selat Sunda Jeung Gunung Krakatau
- Bahasana : Lemes
- Palakuna : Prabu Rakata, sareng dua putrana: Raden Sundana sareng Raden Topobrana
- Watek palakuna :
Prabu Rakata = Arip, adil, tur bijaksana.
Raden Sundana = Sarakah
Raden Topobrana = Embung ditindes
- Tempat/latar : Jaman baheula di Pulo Jawa belah kulon.
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi jalma kudu arif, jujur, adil tur bijak sana kawas Prabu Rakata, ulah Sarakah jiga Raden Sundana.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar