Kacatur jaman baheula aya dua jalma adi lancek. Nu cikal ngarana Jana,
ari nu bungsu Jani. Ki Jana ka asup jelema benghar, lega sawah lega
kebon. Tapi koret, tara barang bere jeung tutulung. Tapi Ki Jani mah
bari jeung miskin oge ari boga rejeki teh sok mere kanu butuh. Hiji poe
Ki Jani nginjem beas ka Ki Jana tapi manan dibere malah dicarekan.
Untung pamajikan Ki Jana karunyaeun. Susulumputan ti salakina mere beas
ka Ki Jani sacangkir jeung lauk asin. Bari nalangsa Ki Jani balik
ditengah jalan aprok jeung aki-aki awakna begang lempangna rumanggieung
atu karunyaeun diajakan ka imahna. Nepi imah beas dibubur saenggeus asak
didalahar bareng.
Isuk-isuk keneh aki-aki teh geus pamitan. Memeh
indit aki-akit eh mere jiman ka Ki Jani mangrupa lilisungan jeung haluna
tina perak. “Naon wae anu dipikahyang ku ujang, sebutkeun wae bari
nyebut Tutu! Tutu! Tutu!’tilu kali,” ca kaki-aki teh, engke tangtu
haluna nutu sorangan, sarta anu dipikahayang kaluar tina jero lisung.
Ngereunkeunana lisung kudu dibere taneuh saetik. Gancangna carita Ki
Jani geus benghar, tapi tetep resep ngabantu jeung tutulung kanu susah.
Barang
Ki Jana ngadenge adina beunghar manehna siri , bari boga niat jahat
hayang miboga jimat eta. Hiji peuting Ki Jana datang Ka Jani, ku Ki Jani
dicaritekeun kabeh ka Ki Jana carana make lisung. Terus dibawa minggat
ku lanceukna ka alas pentas. Mangsa dina kapal geus eweuh uyah Ki Jana
menta kalisung uyah kaluar uyah teh teu ereun-ereun, Ki Jana poho teu
mawa taneuh. Nepi ka kapalna kelebuh teleum. Ti harita cai laut jadi
asin.
Rincian Dongeng:
Judulna : Cai Laut Asin
Bahasana : Kasar
Palakuna : Dua urang adi lanceuk: lanceukna Ki Jana, Adina Ki
Jani.
Watek palakuna : Ki Jana :
Sarakar, koret, embung tutulung kanu susah.
Ki Jani :
Bageur, berehan, daek tutulung kanu susah.
Tempat/latar : Jaman baheula di hiji lembur.
Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Jadi
jalma ulah koret jeung jahat, siga Ki Jana anu tung-tungna bakal
cilaka. Kudu kos Ki Jani bageur sok daek nulungan batur, hirupna jadi
senang tur tentrem.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar