Kacariotakeun baheula dina hiji tempat aya oray naga keur nawu balong.
Sungutna ngegel kana tangkal huni, buntutna dibrlitkeun kana pancuh
tambakan beulah dieu. Awakna malang dina balong tea, tuluy di ayun keun
goplak, goplak, goplak dipake nawu baloing tea.Teu kungsi lila balong
teh saat laukna sing kocopok loba. Jol datang gagak kadinya haritamah
gagak teh buluna bodas ngeplak. Ujug-ujug corokcok weh laukna dipacokan
nepi beak lauk nu baradagnamah.
Ku oray sanca katempoen gagak maling
lauk, geuwat digenggereuhkeun, tapi gagak ngalah beuki ngahajakeun. Atuh
oray ambek sebrut bae diudag gagakteh. Gagak teh hiber kuorang diobrot,
gagak teh bingung da diberik wae sieunen katewak. Kabeneran aya nu keur
neleum, gebrus bae gagak teh asup ka jero pijanaan. Atuh ari muncul
deui teh geus lestreng .Barang jol oray sanca teh panglingeun, da jadi
hideung lestereng. Pok weh oray sanca nanya, “mahlik hideung maneh nempo
sakadang gagak teu bieu liwat kadieu?”
Gagak teh sorana
digedekeun, ngomongna oge basa Betawi, da sieunen katara, “Engga,
gaaaa!”. Tah kitu sasakalana manuk gagak buluna hideung jeung sorana
gaaa, gaaaak!
Rincian Dongeng:
- Judulna : Gagak Jadi Hideung
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Gagak jeung Oray Sanca
- Watek palakuna :
Gagak = Badeur, sok daek nyopet, te bisa digenggereuhkeun.
Oray Sanca = Getol, daek usaha, rajin.
- Tempat/latar : Caritana jaman baheula di hiji balong nu loba laukan
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari
jadi jalma teh kudu getol daekan, ulet, usaha lamun hayang bog amah kos
sakadang Oray Sanca. Ulah jiga Gagak baong, haying ngenah doing embung
gawe.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar