Kacaritakeun jaman baheula aya oray naga geus lila ngalamun hayang nyaba
ka kahiyangan. Unggal isuk eta oray teh osok dangdan mapantes maneh.
Tapi keukeuh teu ngarasa ginding lantaran teu boga perhiasan, mangkaning
arek ngadeheus ka dewa.
Sanggeus mikir manehna inget ka sobatna
sakadang titinggi, maksudna arek nginjeum tanduk ka sakadang jago
haritamah jago teh aya tandukan menta di anteur ka titinggi. Sanggeus
aprok dicaritakeun sakabeh pamasalahan naga ka jago. Maksudnamah
nginjeum tanduk ka jago, engke dianteurkeuna deui ku sakadang titinggi
cak sakadang naga.
Hayam jago teu nembalan lantaran apal jahat jeung
licikna naga. Lila-lila naga ngarayu, jago oge merekeun tandukna ka
sakadang naga. Cak naga ka jago “engke tandukna dibalikeun deui
dianteurkeun ku titinggi samemeh balebat, lamun balebat can balik wae
bisi kaula poho ngawangkong jeung dewa, anjeun mere tanda weh
kongkorongok sing tarik.” Geus kitumah jung weh naga jenug titinggi the
arindit. Isukna samemeh balebat hayam jago kongkorongok satakerna.
Sakali dua kali titinggi teu datang wae, terus jago teh kongkorongok
sababaraha kali deui, tapi tetep titinggi teu dating keneh bae. Nepi ka
brayna berang titinggi teu datang-datang.
“Keun sugan cenah peuting
engke” pok hayam teh. Tapi weleh ditunggu nepi kasubuh titinggi teu
dating keneh wae. Pohara ambekna hayam jago nepi ka nyancam lamun
titinggi dating arek di pacok nepikeun ka paehna.
Ti harita hayam
jago teh tiap-tiap subuh kongkorongok sarta mun papanggih jeung titinggi
sok langsung dipacok nepi ka paehna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.
Rincian Dongeng:
- Judulna : Hayam Kongkorongok Subuh
- Bahasana : Kasar
- Palakuna : Hayam Jago, Titinggi jeung Oray Naga
- Watek palakuna :
Oray Naga = jahat, sok nipu, teu sukur, sok hayang nu batur.
Titinggi = Daek wae di titah sanajan salah, teboga pamadegan.
Hayam Jago = Babari percaya, gampang dibobodo.
- Tempat/latar : Hiji tempat jaman bahela nyaeta di leuweung
- Eusi/hikmah nu bisa di cokot :
Ari
hirup teh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah
sok daek wae di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo
bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar